Senin, Oktober 21, 2013

PANGEMUT 40 DINTEN WAFATNA "APA" ...




Pangemut-emut 40 dinten wafatna
Caroge, Bapa, Mertua, Aki nu di pikacinta
Almarhum
YAYAT HIDAYATULLOH
Bin ENI
Lahir : Tasikmalaya, Juma’ah 10 November 1960
Pupus : Tasikmalaya, Minggon, 15 September 2013
( 09 Hapit 1434 H)


Apaa…
Syahid… Alhamdulillah syahid…
Reang kakuping waktos apa murag tina rangkay bangunan lantai 2… 
Tinggaloler dua jasad dina rangkay..
Langit tungkeb, dunia poek, hate ngarakacak..
Asa dosa asa salah eta rangkay jadi tempat paragatna yuswa apa, 
malah dua sakaligus jeung baturna.
Ketiirr.. teu bisa ngalawan taqdir apa nu pastina kudu didinya.
Ngan sakolepat.. teu pamit teu wasiat ruh apa dipundut kunu kawasa.
Iwal sorot soca apa nu pinuh ku kanyaah jeung kaikhlasan ningali abi ngawakilan jasadna nu teu walakaya.
Reeuupp pareum salalawasna. 
Apa ngantunkeun abi sakulawargi.
Cai soca murag nyuruluk nganteur apa ka kalanggengan
kanyaah apa, pengorbanan apa, kesang apa anu nyakclakan.. 
Seungit maseuhan patamanan surga nu baris disorang ayeuna.
Istigfar, zikir sareng takbir mekelan apa ti sadaya wargi nu ngaraos leungiteun.
Pileuleuyan apa.. moal patepang deui..
Ikhlas…Ikhlas… 
Insya Allah manah abi Ikhlas.
Insya Allah..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar