Pangemut-emut 40
dinten wafatna
Caroge, Bapa,
Mertua, Aki nu di pikacinta
Almarhum
YAYAT HIDAYATULLOH
Bin ENI
Lahir :
Tasikmalaya, Juma’ah 10 November 1960
Pupus :
Tasikmalaya, Minggon, 15 September 2013
( 09 Hapit 1434
H)
Apaa…
Syahid…
Alhamdulillah syahid…
Reang
kakuping waktos apa murag tina rangkay bangunan lantai 2…
Tinggaloler dua
jasad dina rangkay..
Langit
tungkeb, dunia poek, hate ngarakacak..
Asa
dosa asa salah eta rangkay jadi tempat paragatna yuswa apa,
malah dua sakaligus
jeung baturna.
Ketiirr..
teu bisa ngalawan taqdir apa nu pastina kudu didinya.
Ngan
sakolepat.. teu pamit teu wasiat ruh apa dipundut kunu kawasa.
Iwal sorot soca
apa nu pinuh ku kanyaah jeung kaikhlasan ningali abi ngawakilan jasadna nu teu
walakaya.
Reeuupp pareum salalawasna.
Apa ngantunkeun abi sakulawargi.
Cai
soca murag nyuruluk nganteur apa ka kalanggengan
kanyaah
apa, pengorbanan apa, kesang apa anu nyakclakan..
Seungit maseuhan patamanan surga
nu baris disorang ayeuna.
Istigfar,
zikir sareng takbir mekelan apa ti sadaya wargi nu ngaraos leungiteun.
Pileuleuyan
apa.. moal patepang deui..
Ikhlas…Ikhlas…
Insya
Allah manah abi Ikhlas.
Insya
Allah..